Jumat, 08 Februari 2013

PANGAJARAN BASA SUNDA

SMK KEPERAWATAN CIOMAS - BOGOR
KELAS X



Ngadongeng

Irtasan Meunang Kuntul
            Sanajan rada déglo (bolo’on), Irtasan teu burung bisa hirup rumah tangga. Layeut runtut raut jeung pamajikanana, ngaran Nyi Ikok. Pakasaban matuh Irtasan nya éta kuli ari. Buburuh macul di sawah atawa di kebon. Nyi Ikok ogé tara cicingeun. Getol mantuan salaki nyiar kipayah, saperti derep, buburuh tandur atawa buburuh ngarambét.
            Selang-selang tina gawé, biasana pasosoré, Irtasan sok rajeun nguseupan kuntul. Carana teu béda ti nguseup lauk baé. Makeu jeujeur, kenur, jeung useup. Ngan jeujeurna pondok. Dicecebkeun pageuh dina galengan. Dieupanan anak lauk. Cul baé ditinggalkeun. Tara didekul ditungguan, cukup diawaskeun baé ti kaanggangan.
            Dina hiji poé, useup Irtasan disanggut kuntul badag. Teu kira-kira Irtasan bungaheunana. Saumur dumelah pasang useup, karék ayeuna kabiruyungan hasil.
            Gancang diboro. Suku kuntul diparékos. Useupna dilaan.
            Barang useup lésot, kuntul disada, “kok!”
            Irtasan ngarenjag. Kuntul diperong sajongjonan.
            “Geuning manéh nyaho ka pamajikan kami?” omongna semu héran.
            “kabeneran!” Irtasan ngarénghap panjang. “kami ayeuna masih kénéh boga kaperluan. Naheunkeun posong di lebak. Pasti nepi ka burit. Lamun manéh dibabawa tangtu matak ridu. Tah, lantaran manéh geus apal ka pamajikan kami, wayahna balik sorangan ka ditu, nya! Itu tuh, imah kami téh, beulah kidul, deukeut tangkkal randukurung. Ieu péso sakalian bawa, pakéeun pamajikan kami meuncit manéh. Ambéh engké kami datang, geus nyampak semur daging kuntul!”
            Sanggeus digantélan péso tikel, geleber kuntuk téh dihiberkeun.
            “Kadé nya, tong sumpang-simpang heula ka mamana!” Irtasan ngagorowok ka kuntul nu geus kikiplik, mubung ka luhur. Mimiti mah enya, katémbong kuntul hiberna maju ka kidul. Tapi teu lila ngoréléng ka beulah wétan. Léok ka kalér. Saterusna kebat ka kulon.
            Gero-gero Irtasan ti handap. “Di beulah kidul imah kami mah, kuntul! Di beulah kidul!”
            Kuntul teu nolih. Laju ngawang-ngawang. Nepi ka lesna teu katémbong.
            “emh…. Lebar ku péso tikel baé. Hanas dibahankeun! Sugan téh enya apal imah kami.  Ari tadi nanahaonan atuh, maké nyambat-nyambat ngaran Si Ikok sagala rupa? Irtasan kukulutus bari teu eureun-eureun gégétrét. Manéhna keukeuh teu ngartieun, naon sababna kuntul nyahoeun ngaran Nyi Ikok.
Tina Oray Bedul Macok Mang Konod
Rékaan: USEP ROMLI HM
1983


Kandaga Kecap
  • Derep              : gacong, buburuh dibuat
  • Didekul           : digawé kalawan saregep sarta lila
  • Diparékos        : asal kecap parékos, hartina diasupkeun kana wadah anu leutik nepi ka barangna kudu diparieuskeun.
  • Gégétrét          : gagaro
  • Geleber            : ngapung – dilarapkeun ka sato nu boga jangjang
  • Hanas              : kecap panyambung, nandakeun rasa keduhung
  • Jeujeur             : gagang useup (joran)
  • Kabiruyungan : pareng (meunang milik)
  • Kukulutus       : gegelendeng
  • Kuli ari            : gawé sagala dicabak (teu matuh)
  • Kuntul             : ngaran manuk ranca (sawah) buluna bodas, sok ngadaharan lauk.
  • Laju                 : tuluy, terus, atawa kebat
  • Layeut             : sauyunan tara paraséa
  • Lesna               : asal kecapna les; kecap anteuran kana ngaleungit
  • Matuh              : dumuk
  • Naheunkeun    : masangkeun/nempatkeun barang pikeun ngala lauk/manuk
  • Ngarambet      : meresihan jukut tina sela-sela paré
  • Ngarénjag        : obahna awak lantaran meunang kareuwas
  • Nolih               : merhatikeun atawa ningali
  • Pakasaban       : pagawéan
  • Posong            : sarupaning sosog tapi panjang paranti ngala atawa naheunan belut maké eupan
  • Ridu                : leungeun nu henteu bébas lantaran pinuh (rebo) ku babawaan
  • Runtut raut      : sauyunan (harmonis, Ind)
  • Dumelah          : hirup
  • Semur              : pasakan kaolahan daging/hui kumeli (kentang).
  Latihan (Maham Eusi Bacaan)
  1. Kumaha ari rumah tangga Irtasan jeung pamajikanana téh? Saha ngaran pamajikanana?
  2. Kana naon pakasaban Irtasan téh?
  3. Kumaha carana ari nguseupan kuntul téh?
  4. Naon sababna basa useup Irtasan disanggut ku kuntul, Irtasan kacida bungahna?
  5. Basa useup dilésotkeun tina sungut kuntul, Irtasan bet ngarenjag, naon sababna?
  6. Irtasan nyebutkeun “kabeneran”, lantaran kuntul disangka apaleun ka pamajikanana jeung ka imahna. Nitah naon ka kuntul?
  7. Naon sababna péso tikel bet dibahankeun ka kuntul, nitah dibawa (digantélkeun) kana suku kuntul? Keur naon, naha?
  8. Naon baé papatah Irtasan ka kuntul, basa kuntul mimiti hiber ka luhur?
  9. Kumaha réaksi kuntul kana panggero Irtasan? Ari kuntul nepi ka imah Irtasan teu?
  10. Di tungtung carita, Irtasan masih kénéh teu ngarti kana hal naon?
  11.  
HOYONG!!! KUNCI JAWABANnA... SEDOT WE LAHHH 

CLIK